jieun kalimah make kecap panyambung lantaran,sangkan
B. Daerah
trisulanayla
Pertanyaan
jieun kalimah make kecap panyambung lantaran,sangkan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
Kelas : III (3 SD)
Pembahasan :
Dina basa Sunda, kecap lantaran jeung sangkan kaasup kana kecap anu kasar. Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta ragam basa hormat atawa lemes jeung ragam basa loma atawa kasar. Dina ragam basa lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes keun ka sorangan jeung basa lemes ka batur anu saluhureun atawa anu dihormat.
Conto kalimah basa Sunda anu make kecap panyambung lantaran jeung sangkan nyaeta saperti :
1. Udin cenah kamari teu bisa indit ka sakola lantaran manehna gering
2. Maneh teh kudu rajin diajar sangkan bisa jadi pinter
Lemesna tina kecap lantaran jeung sangkan nyaeta jalaran jeung supados. Conto kalimah basa Sunda anu make kecap panyambung jalaran jeung supados nyaeta saperti :
1. Udin saurna kamari teu tiasa mios ka sakola jalaran anjeunna udur
2. Anjeun teh kedah rajin diajar supados tiasa janten pinter
Ragam basa Sunda hormat atawa lemes biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa anu dipikahormat. Sedengkeun ragam basa Sunda loma atawa kasar biasa digunakeun pikeun nyarita jeung jalma anu sapantaran atawa anu sahandapeun anu geus loma atawa akrab. Aturan anu aya patalina jeung ragam basa Sunda sok disebut Tatakrma Basa Sunda.
Baheula mah istilah Tatakrama Basa Sunda teh sok disebut Undak-usuk Basa Sunda. Dina Undak-usuk Basa Sunda mah kungsi nepi ka aya dalapan ragam basa, nyaeta genep ragam basa lemes jeung dua ragam basa loma atawa kasar. Tapi, ayeuna dina basa Sunda geus sacara resmi ditangtukeun ngan aya dua ragam basa. Salian ti eta, istilah Undak-usuk Basa Sunda oge geus sacara resmi diganti ku istilah Tatakrama Basa Sunda.